Sastra
Tembang Jeung Kawih (thn 2013)
Dina basa Sunda, seni vokal dijadikeun dua golongan. Nu hiji disebut tembang. Nu hiji deui disebut kawih. Salian ti dibédakeun ku surupanana téh, tembang mah diwangun ku dangding atawa guguritan, ari kawih pangpangna mangrupa sisindiran, béh dieu réa anu dumasar kana sajak. Tembang jigana pangaruh tina kasenian vokal Jawa, anu diulik ku para ménak Sunda waktu kudu ngadeuheus ka Mataram pikeun caos upeti saban taun. Waktu caos upeti téh para dalem jeung para ménak anu ngiringkeunana kudu matuh sawatara bulan lilana di dayeuh Mataram bari diajar sagala rupa kasenian jeung tatacara féodal Jawa anu tuluy dibawa ka lemburna, disebarkeun di lingkungan urang Sunda.
| 28763/hd | 899.223 2 ROS t | E-Library UNPAS | Tersedia |
Tidak tersedia versi lain