Dina basa Sunda, seni vokal dijadikeun dua golongan. Nu hiji disebut tembang. Nu hiji deui disebut kawih. Salian ti dibédakeun ku surupanana téh, tembang mah diwangun ku dangding atawa guguritan, ari kawih pangpangna mangrupa sisindiran, béh dieu réa anu dumasar kana sajak. Tembang jigana pangaruh tina kasenian vokal Jawa, anu diulik ku para ménak Sunda waktu kudu ngadeuheus ka M…